Kamis, 22 Juli 2010

Teori Biantara Sunda 1

Unak-Anik Ngeunaan Biantara

Pikeun cumarita di hareupeun jalma réa diperelukeun téhnik-téhnik anu kudu diperhatikeun pisan. Lain ngan saukur nalika cumarita wungkul anu penting diperhatikeun téh, tapi persiapan saméméh biantara ogé mangrupakeun salahsahiji faktor anu mangaruhan kana kasuksésan biantara.
1. Téhnik Nataharkeun Biantara
Perkara anu kudu dipersiapkeun saméméh biantara téh di antarana:
a. Nangtukeun tujuan. Biasana diébréhkeun dina téma atawa judul biantara.
b. Merhatikeun audiéns. Naha anu haladir téh barudak atau jalma déwasa, lalaki atawa awéwé, kumaha tingkat atikanana, lingkungan masarakatna, jeung sajabana.
c. Nyusun biantara kalawan hadé. Lamun perelu kudu nyusun naskah kalawan dilengkepan ku référénsi anu saluyu jeung jejer biantara.
d. Latihan kalawan bener-bener dina matéri, vokal, basa, gaya, lentong, jeung sajabana.
e. Nyayagikeun diri, boh pisik boh méntal, utamana rasa percaya diri.
f. Hadir kana acara saméméh acara dimimitian.

2. Téhnik Ngalaksanakeun Biantara

Perkara anu kudu dipersiapkeun nalika nepikeun biantara di antarana:
a. Berpenampilan rapih tur sopan saluyu jeung acara.
b. Nepikeun biantara kalawan tenang, pinuh ku rasa percaya diri dina nyanghareupan audiéns.
c. Nepikeun biantara sacara sistimatis. Lamun perelu mah diseling ku humor.
d. Nerangkeun masalah sacara gamblang, arguméntatif, sarta bisa diregepkeun tur kaharti ku parahadirin.
e. Ngatur jeung memperhatikeun waktu cumarita.
f. Lamun aya kakurangan atau kasalahan henteu géngsi pikeun ménta dihampura.
g. Nagmimitian jeung mungkas caritaan ku ucapan salam.

3. Struktur Biantara

Nyusun caritaan di hareupeun jalma réa pikeun ngajéntrékeun hiji perkara tur sangkan bisa nyugemakeun parahadirin anu ngabandungan biantara téh merelukeun kaparigelan husus. Dina kaumumanana, susunan biantara-hususna dina acara resmi- ngawengku sistimatika siga kieu:

a. Bubuka
Islam ngajarkeun supaya caritaan urang téh ngandung mangpaat jeung meunang rohmat Alloh. Ku sabab kitu, biantara nu hadé téh kudu dimimitian ku ucapan salam, muji ka Alloh swt., sahadat jeung solawat ka Rosululloh. Pikeun muka caritaan, ditepikeun ogé ucapan "nganuhunkeun" kana kasempetan anu disadiakeun pikeun biantara, ngenalkeun diri, jeung nepikeun sacara ringkes poko-poko caritaan anu bakal dipedar. Tujuan bubuka téh nya éta pikeun ngajak parahadirin sangkan merhatikeun caritaan tur ngajadikeun parahadirin museurkeun perhatianana kana perkara anu ditepikeun.

b. Eusi pedaran
Minangka inti tina biantara, eusi pedaran téh sakuduna:
1. Ditepikeun kalawan jéntré, sistimatis, jeung ngagunakeun basa anu éféktif.
2. Ngabogaan rarangkay caritaan anu ngaruntuy sarta gampang kaharti ku sakur anu ngabandunganana.
3. Medar jejer caritaan dibarengan ku alesan-alesan anu kuat tur dirojong informasi, fakta, data, jeung analisa anu logis.
4. Pikeun ceramah agama Islam, kudu nepikeun ayat-ayat Alquran jeung atawa Hadis anu patali jeung perkara anu dipedar.

Intina mah saurang orator, mubalig, atawa da'i anu cumarita di hareupeun jalma réa kudu nepikeun poko-poko pedaran kalawan basa anu merenah jeung pedaran anu pikaresepeun; jéntré naon anu dimaksud, argumentatif, jeung gampang kaharti ku sakur anu ngabandunganana.

c. Panutup

Panutup téh mangrupakeun rangkuman jeung kacindekan tina caritaan anu geus ditepikeun, jadi klimaks tina biantara, anu ahirna méré kesan anu kuat pikeun hadirin. Lamun perelu bisa dibarengan ku du'a jeung harepan. Sanggeus kitu dipungkas ku paménta pangampura tina sadaya kelepatan, tur ditutup ku ucapan salam.
(http://sundagasik.blogspot.com/2010/01/unak-anik-ngeunaan-biantara.html)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar