Beli Buku Sekarang---Daftar Isi---Gabung Di FB---Judul Pidato---Tips Pidato Memukau---Pidato Gratis
-------------------------------------------------------------------------------------------------------
Inilah Pidato Upacara yang Berdaya Gugah?Klik sekarang disini
---------------------------------------------------------

Sekarang Bantu Seorang Teman Dapatkan Pidato Terbaru, Tulis Email Anda Disini!

Kamis, 22 Juli 2010

Contoh Pidato Biantara Sunda 6

Dedi Naskah Lomba Biantara Basa Sunda Siswa SD :
Tingkat Kec. Cikole Kota Sukabumi

Thema : “Ngarasa Reueus Jadi Urang Sunda”

NGAMUMULE BASA SUNDA
Kenging : Dedi Junaedi, S.Pd.
Saptu, ping 4 Maret 2006

Assalammu alaikum wr. wb.
Sampurasun !
Ibu-ibu nu luhung ku elmu-panimu, bapa-bapa nu jembar ku karsa – karya – katut pangalaman, oge rerencangan -- para siswa anu ku sim kuring dipiheman. Puji sinareng syukur Alhamdulillah urang sanggakeun ka dzat Illahi Robbi -- Allah SWT, mungguhing ku kakawasaan anjeun-Na urang sadaya tiasa diparengkeun riung mungpulung patepung lawung bari nyukcruk elmu pangaweruh, patepang raray patarema panangan bari nyiar pangabisa, bongkok ngaronyok paamprok jonghok sugan isuk jaganing geto bisa silih longok – silih pikasono, silaturrahmi numutkeun tali paranti tur sakumaha kedahna numutkeun ajaran Allah Sang Hyang Widi nu didugikeun ku para Nabi.
Kadang wargi anu mulya.
Dina ieu kasempetan sim kuring kenging pancen pikeun biantara dina raraga ”Ngaronjatkeun Ajen-inajen Atikan Basa jeung Sastra Sunda”. Nanging sateuacanna bade tamada ka wargi sadaya, neda ampun paralun bilih aya nu luhung kaluhuran, sih hapunten anu kasuhun, margi saestuna sim kuring rumaos miskin ku pangarti -- malarat ku pangabisa, rumaos teu bodo-bodo acan, estuning ilang along margahina. Nanging pedah kawengku ku pancen, sim kuring neda widi bade maksakeun bae diajar cumarita payuneun wargi sadaya. Judul nu baris dibiantarakeun teh nyaeta, “NGAMUMULE BASA SUNDA”
Hadirin anu ku sim kuring dipihormat.
Dumasar kana Kurikulum 2004, Atikan Basa jeung Sastra Sunda teh mangrupi pangajaran nu kaasup kana Muatan Lokal anu luyu pisan sareng lingkungan sabudeureun siswa, komo patali sareng Otonomi Daerah mah. Nyambung pisan tangtosna ge. Kumargi kitu, para siswa ditungtut malar kahudangkeun manah sareng emutannana sangkan mikaresep tur mikareueus kana basa Sunda salaku banda urang sadaya, banda pusaka urang tatar Sunda nu kudu dimumule sarta dilestarikeun ku para generasina.
Mun urang tatar Sunda mibanda rasa kacinta jeung kareueus pikeun ngamumule basa Sunda, tangtu moal mindeng teuing kacaritakeun salah ngalarapkeun kecap atawa kalimah dina komunikasi sapopoena, pangpangna dina ngagunakeun undak-usuk basa, boh lisanna -- boh tulisana. Contona bae :
Basa nu salah larapna
Dinten naon bade mios ka Bandung teh ? Ari jawabna : Insya Alloh abdi angkat dinten Saptu.
Sareng pun rama teu ? Ari jawabna : Manawi tos tilu dinten udur pun rama mah.
Ari kuduna mah
Dinten naon bade angkat ka Bandung teh ? Jawabanna : Insya Alloh abdi mios dinten Saptu.
Sareng tuang rama teu ? Jawabanna : Numawi tos tilu dinten teu damang pun bapa mah.
Jeung rea-rea deui conto sejenna.
Mindeng kabandungan ku urang sadaya, teu saeutik urang Sunda nu geus luntur rasa kareueus jeung rasa kacintana kana Basa Sunda. Buktina bae, loba nu indung – bapana pituin urang Sunda, tapi nyarios ka para putrana sapopoe ngagunakeun Basa Malayu, alias Basa Indonesia. Rajeun digunakeun ge dina waktu nyarekan. Lalampahan samodel kitu teh kapikir ku sim kuring mah saolah-olah mun aranjeunna ngagunakeun basa Sunda mah matak era, atawa boga anggapan handap nileyna. Aya deui nu boga anggapan yen lamun ngagunakeun basa Sunda teh cenah sieun salah ngalarapkeunna. Padahal mun seug dipikir deui mah, naha make kudu sieun salah ngalarapkeunna sagala ? Pan mun aya nu apaleun salah mah piraku teu aya nu ngomekeun sangkan bener. Jadi, nu puguh salah mah, nyaeta urang Sunda ku anjeun nu geus teu daek ngagunakeun basa Sunda dina kahirupan sapopoena. Anu antukna, generasi urang Sunda leupas tina purwa-daksi tur jati-diri ka-Sundaannana. Tah..., mun geus kieu, na rek ku saha atuh nu baris ngamumule basa Sunda teh ..... ?
Kadang wargi anu mulya.
Pikeun ngamumule basa Sunda saestuna henteu hese, tapi lain hartina kudu dianggap gampang deuih, lantaran dina prakprakannana kudu ngaliwatan sababaraha sarat. Ari saratna ngamumule teh kudu mibanda rasa kacinta reujeung kareueus. Eta rasa kacinta jeung kareueus teh bisa kaujudkeun lamun geus wanoh. Sangkan wanoh, nya kudu wawuh heula tangtuna ge. Jadi cindekna mah, sangkan generasi urang Sunda bisa ngamumule basa jeung sastra Sunda teh, leuwih ti heula kudu diwawuhkeun ti oorok. Ti orok beureum keneh basa jeung sastra Sunda kudu geus diwawuhkeun ka para putrana. Ari contona, geuning sangkan orok bisa sare atawa sangkan repeh tina ceurik, ku sepuhna sok dipangawihkeun Ayun Ambing. Anu kieu tea geuning kawihna teh :

Ayun-ayun ambing
Diayun-ayun ku samping
Ayun-ayun lenjang
Diayun-ayun ku sinjang
............................, jeung saterusna.

Atawa sok dipangdongengkeun geuning. Aya dongeng lalampahan kuya jeung monyet, dongeng pinterna sakadang peucang, dongeng kumaha licik jeung pangedulannana si Kabayan, jeung rea-rea deui dongeng sejenna nu biasana mah didongengkeunna teh memeh sare. Ku cara sarupa kitu, dipireungeuh atawa henteu, nu janten sepuh tos napelkeun opat rupa atikan ka nu janten putrana. Ka hiji basana, ka dua sastrana, ka tilu kawihna, jeung nu kaopatna ngawawuhkeun lampah paripolah alias adat istiadat urang Sunda ka darah-dagingna sorangan. Cing geura mangga lenyepan masing anteb, naha kabiasaan sarupa kitu teh ku urang rek dipiceun mundelna, terus nu nyesa kantun waasna ? Duh.........., piraku ……… dulur ?!
Hadirin anu ku sim kuring dipihormat.
Sabada ngalenyepan pananya tadi, sim kuring neda widi ka kadang wargi pikeun nyindekkeun kedaling ati -- pamugi teu lepat nampi, gelar amanat ka sadaya urang Sunda, muga diridhoan ku Sanghyang Murbawisesa -- Alloh SWT nu Maha Kawasa ; hayu urang sareundeuk saigel.– sabobot sapihanean – sabata sarimbagan -- rempug-jukung sauyunan, pikeun sabanda sariksa ngamumule basa titinggal karuhun urang sadaya – basa nu jembar ku ciri budaya, nyaeta basa Sunda.
Panutup catur – pamungkas carita ; mugi-mugi ieu pedaran sing janten panggeuing-pangeling anu teu kedah disebatkeun kanggo saha-sahana, mung rupina mah cekap dipundut kasadaranna bae. Salajengna, bilih aya Pangagung katut dulur-dulur nu kasiku kalbuna – bilih aya Pamingpin atanapi wargi-wargi nu kagerih atina –– sarta bilih aya Pejabat katut Aparat rengrengannana atawa baraya nu kadupak manahna, mugi agung cukup lumur – muga jembar hapuntenna nu diteda. Kana bobot pangayon – timbang taraju ti kadang wargi sadaya anu mulya, insya Alloh baris ditampi ku asta kalih – kasangga kalingga murda. Mugi Alloh nyakseni tur ngobulkeun kana niat suci urang sadaya pikeun ngamumule basa Sunda. Amien Yaa robbal alamien !
Wassalammu alaikum wr. wb.
(http://bs-ba.facebook.com/topic.php?uid=98783338722&topic=11518&post=53745)

Tidak ada komentar:

Poskan Komentar