Bogor bihari, Bogor kiwari
Assalamualaikum, wr, wb,
Sampurasun,
Girang pangajen nu kusim kuring dipihormat, Bapa miwah ibu nu sami-sami linggih, sareng sadaya patandang pasanggiri biantara nu sami hadir, nu kusim kuring dipiajrih. Sateuacana simkuring medar biantara nu ngabatun jejer, Bogor bihari, Bogor kiwari. Bawi raos urang sami-sami ngahaturkeun rasa sukur tur salawasna muja kanu Maha Kawasa nu tos maparin kani’matan, sareng urang salamina neneda ka Mantena supados Bogor dijantenkeun tempat nu genah, mernah, aman karta raharja kanggo urang sadayana.
Bogor bihari, Bogor kiwari geus ngabukti, jadi ciri sajati majuna kala mangsa dina ngeusi kahirupan. Lamun seug urang muka lambaran sajarah ngeunaan Bogor mangsa katukang, tos pasti nu dicaritakeun ngan ngeunaan kaayaan Bogor nu masih keneh basajan, nu masih keneh iuh linduh ku hejo jeung rembetna kakayon, basajan memang tapi basajan dina harti nu teu sambarangan, di Bogor pernah nanjeur hiji karajaan nu kacida dipikaserab ku sakumna karajaan nu aya di tatar nusantara, samalah karajaan ti nagara deungeun nu pernahna di peuntaseun samudra oge ngaku yen Pajajaran pernah nganjrek tur ngageugeuh di ieu wewengkon nu kiwari disebut Bogor. Pajajaran hiji karajaan nu masih keneh disimbutan ku halimun kaahengan, lantaran dugi ka kiwari can aya ahli nu bisa nyebutkeun dimana pernahna Pajajaran nu saenyana. Keun eta mah urang teundeun dihandeuleum sieum urang tunda dihanjuang siang, sina jadi bahan carita nu salawasna ngondang kapanasaran pikeun urang tur turunan urang nu bakal datang, sangkan Bogor jeung Pajajaran tetep jadi sabiwir hiji.
Katebeh dieunakeun Bogor diranjah ku bangsa deungeun nu boga sikep sarakah hayang mibanda sagala. Tapi sok sanajan kitu bangsa nu ngaranjah tetep ngarasa micinta jeung ngarasa betah pikeun nganjrek di tatar Bogor. Hal ieu tiasa dibuktoskeun ku ayana rupa-rupa titinggal ti bangsa deungeun nu pernah nganjang ka Bogor, tingawitan ayana kebon raya, pamandian sempur nu kiwari tos salin jinis, kacaritakeun pernah ayana white pilar, atanapi tugu paranti ngukur jangkungna taneuh tina beungeut cai laut nu kiwari salin jinis jadi bunderan air mancur dugikeun ka ayana sinagoga atanapi tempat ibadahna urang Yahudi oge aya di Bogor ieu janten ciri yen Bogor jadi tempat pangjugjugan saban jalma. Malihan ayana wangunan Istana Bogor oge tos ngabuktoskeun yen Bogor teh mibanda ajen nu sakitu luhungna.
Dina mangsa kamerdekaan, wangunan Istana Bogor nu dipasieup tur dipinuhan ku rendeyna ratusan uncal geus bisa ngahasilkeun niley karaharjaan atanapi niley kabebasan jeung katengtreman sanes pikeun uncalna wungkul nu bisa bebas hirup kalayan teu ngarasa sieun ku ayana jalma, tapi pikeun nanjeurna perdamaian dunia. Pami teu percanten mangga urang beujeur beaskeun. Dina mangsa nagara-nagara tatangga urang keur ngalaman pacogregan, pami teu lepat mah nagara Thailand sareng Myanmar nu harita parebut wates nagara. Harita bangsa urang dipercaya pikeun ngaraketkeun deui tali babarayaan antara eta dua nagara, tah tempatna teh di Istana Bogor pisan, sareng hal nu teu pira nu jadi poko pami saliwatan mah. Utusan ti dua nagara ieu ngarasa kabita ku lobana uncal nu sangeunahna leuleumpangan bari teu sieun dirogahala, arinyana ngarasa kabita sarta sadar, lamun hayang boga nagara nu merdeka tur aman saperti nagara urang koncina nyaeta kudu silih asih, silih hargaan jeung nagara deungeun. Tah eta sababaraha warisan carita tina mangsa Bogor baheula nu kakoncara nepikeun ka ayeuna.
Tetela geuning nu namina sajarah kacida gede pisan ajenna, sajarah tiasa diangge eunteung pikeun kahirupan saterusna. Ngan nu kudu dibebener mah jalma nu ngeunteungna, da numutkeun sim kuring Bogor ayeuna mangrupikeun hasil ngeunteung ti jaman baheula. Pami baheula Bogor endah, asri matak pikabetaheun, naha kiwari Bogor bet salin rupa jadi patempatan nu pinuh kuleuyana angkutan kota jeung gegekna patempatan nu kurang endah katingalna utamina patempatan nu aya di sisi walungan, saha nu salah? Nu salah jalma nu ngajamanan lain jaman nu kedah disalahkeun. Mung sanaos kitu teu sakedik kamajuan Bogor di jaman kiwari diantawisna Bogor mangrupi gapurana ibukota nagara Indonesia nu mibanda ajen inajen sarta kamonesan nu hade, atuh dina prestasina kacida pisan seueurna. Tina widang atikan teu sakedik wawakil ti Bogor nu tos ngangkat harkat martabat nagara urang di lingkungan nagara-nagara sadunya. Atuh dina widang pariwisata di Bogor sagala nyampak iwal ti pariwisata laut panginten nu teu aya teh da di bogor mah teu aya laut.
Pamendak sim kuring, hiji nu teu acan aya di Bogor teh nyaeta atikan atanapi sakolaan nu muka jurusan basa Sunda nu mangrupi basa pituin seler Sunda, pami tiasa ka pamarentah sim kuring salaku palajar meredih sangkan di Bogor diayakeun sakola husus basa Sunda tong dugikeun ka jati kasilih ku junti, basa deungeun diguguglukeun, basa sorangan di antep kajeunkeun.
Rupina mung sakitu nu tiasa kapihatur kirang sareng langkungna neda sihapunten bilih aya cariosan nu kirang mernah, sareng mudah- mudahan tiasa langkung diperhatoskeun ku pihak pamarentah, sarta sim kuring neda kanu Kawasa mugi naon nu janten kalimah sakti urang Bogor “Ngancik Nu Bihari Seja Ayeuna Sampeureun Jaga” sing tiasa janten mangpaat kangge karaharjaan rahayatna. Hatur nuhun. Wassalamualaikum, wr, wb.
(http://batursimpe.wordpress.com/kliping-biantara-basa-sunda/)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar