Kamis, 22 Juli 2010

Contoh Pidato Biantara Sunda 5

Biantara Paturaytineung

Sampurasuuunnn nuun
Hatur nuhun

Bismillahirrahmanirrohim,
Assalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh
Langkung ti payun, mangga urang sami-sami nyanggakeun puji sinareng sukur ka Gusti Anu Maha Suci, réhna dina dinten ieu urang tiasa ngariung enggoning ngahadiran acara paturay tineung. Solawat sinareng salam mugia salawasna ngocor ka Kangjeng Nabi Muhammad SAW, ka kulawargina, ka sahabatna, katut ka muslimin sareng muslimat sadayana kalebet urang sadayana anu hadir dina ieu acara.

Hadirin anu sami-sami rawuh, utamina:
• Kepala Dinas Pendidikan dan Olah Raga atanapi anujanten wawakilna
• Ketua Yayasan Darma Setia Kosgoro miwah réngrénganana
• Bapa Kapala Sakola miwah Ibu sareng Bapa Guru SMA Kosgoro Kota Bogor
Anu ku sim kuring dipihormat.
Kitu oge ka sakumna siswa/siswi SMA Kosgoro anu ku sim kuring dipikacinta.
Dina ieu waktos, sim kuring dipercanten sasanggem minangka wawakil ti sakumna siswa/siswi kelas 12 anu moal lami deui badé ngantunkeun SMA Kosgoro Kota Bogor.

Sateuacan neraskeun nyanggem, simkuring seja nepangkeun, wasta…………………………….. kelas 12……
Hadirin hormateun simkuring, sarta dulur-dulur siswa/siswi SMA Kosgoro nu dipikacinta.

Teu karaos asa nembé kamari sim kuring jeung dulur sa entragan, anjog ka ieu sakola dina kaayaan anu suwung ku pangaweruh lara ku pangabisa tatapi aya dina paniatan anu kalintang luhung tur luhur ajenna, nyaéta nyuprih elmu nyiar pangabisa di ieu sakola, dina bimbingan tur atikan ti bapa miwah ibu guru kalawan ku kasabaran anu tan wates wangenna; Kiwari geus kudu miang ninggalkeun sakola, para guru salaku sepuh anu kalintang dipihormat, ogé adi-adi siswa/siswi SMA Kosgoro.

Aya kasedih nyangkaruk dina haté, anu jadi bangbaluh pédah ahirna kudu ninggalkeun anu kungsi jadi tempat-tempat dimana kuring saparakanca biasa idek liher. Kajadiaan-kajadian anu pikasediheun, pikabungaheun, pikalucueun, ogé pikasieuneun. Papisah jeung dulur-dulur, adi-adi kelas, ngantunkeun bapa miwah ibu guru anu salami ieu parantos ngawariskeun élmu pangaweruh ngawulang pangabisa ka sim kuring saparakanca. Éta téh bakal janten katineung sim kuring saparakanca

Tatapi aya kabungah anu badag kacida, moal aya kecap anu bisa ngawawakilan, duka kumaha kudu ngungkabkeunana, réhna antukna réngsé ogé nyuprih élmu nyiar pangabisa di ieu paguron.

Ayeuna sim kuring saparakanca kudu miang ti ieu sakola, sok sanaos teu sadaya laksana neraskeun sakola ka puguron luhur, tapi ari kawajiban milari élmu mah moal dimomorékeun. Mugia pangaweruh sareng atikan anu parantos di tenggerkeun dina dada sim kuring saparakanca ku bapa miwah ibu guru salami tilu taun tiasa janten tatapakan dina enggoning mayunan gapura kahirupan sareng ngudag cita-cita. Mugia bapa miwah ibu guru tiasa ngadungakeun, pamugi léngkah sim kuring saparakanca kanggo kapayunna sing tiasa lungsur-langsar sareng aya dina ridho Gusti Anu Maha Suci. Insya Alloh.

Hadirin hormateun simkuring
Dina kasempetan ieu sim kuring saparakanca ngahaturkeun sewu nuhun ka ibu rama ku kanyaahna parantos maparin kesempetan nyukcruk pangaweruh di ieu paguron. Ka Bapa miwah Ibu guru, salami sim kuring saparakanca nyuprih élmu jeung pangabisa, kalintang seueurna ucap lampah anu nguciwakeun sarta jadi bangbaluh kana manah bapa/ibu guru sarta sesepuh di ieu paguron. Pamugi Bapa miwah Ibu Guru luntur galih, kersa ngahapunten sim kuring saparakanca. Sawangsulna deuih, pami téa mah aya sakedik kalepatan Bapa miwah Ibu Guru, Insya Allah ku kaweningan tur kaihlas ku sim kuring saparakanca badé dilubarkeun.

Husus kanggo Almarhumah Ibu Kapala Sakola, Ibu Dra. Hj Tjahni Mariam, anu parantos ngantunkeun urang sadaya, sim kuring saparakanca sambung dunga mugia mantenna anu parantos mingpin ngajaring ieu paguron; masihan kanyaah, bingbingan, panuyun, panggeuing sareng tuladan ka urang sadaya tiasa ditampi Iman Islamna kalayan dipaparin tempat nu mulya kénging darajat anu satata sareng para Aulia anu dipikacinta ku Allah, amiin… amiin ya Robbal alamiin.

Pamungkas hayu urang sasarengan ngadu’a mugia urang sadaya tiasa lulus 100%. SMA Kosgoro Kota Bogor nu kalebet Sekolah Standar Nasional, nu majeng kana rintisan Sekolah Bertaraf Internasional, kalawan berangkat tina tatapakan Sekolah Berwawasan Kebangsaan dan Keunggulan Teknologi tiasa ngawujud jadi sakola pangpunjulna di Kota Bogor. Kalayan henteu nyapirakeun kabeungharan budaya bangsa sorangan.
Sakitu anu diseja kirang langkungna mugia tiasa ngahapunten
Pileuleuyan pileuleuyan…sapu nyéré pegat simpay,
Pileuleuyan pileuleuyan…paturay patepang deui…
Insyaallah…
Wassalam.

(diserat ku Herni2ngsih, guru SMA Kosgoro Kota Bogor, kanggo biantara dina paturaytineung 2008-2009)

(http://leuit.wordpress.com/2009/07/03/biantara-paturaytineung/)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar