Kamis, 22 Juli 2010

Contoh Pidato Biantara Sunda 11

PIDATO NYAMBUT DINA MIELING HARI SUMPAH PAMUDA
Para saderek sadaya nu sabangsa jeung sanagara.
Assalamualaikum Wr. Wb
Dina sajarah perjuangan bangsa urang sadaya uninga, ten dina tanggal 28 Oktober 1928 sadaya pemuda Indonesia ngahiji, lantaran kadorong ku hate sanubarina anu suci murni sahingga ngarasa sanasib sapananggungan. Sahingga dina Kongres Pamuda tanggal 28 Oktober 1928 ngalahirkeun sumpah satia anu luhur ti para pamuda bangsa Indonesia, anu saterusna dikenal sabagi hari “Sumpah Pamuda”.
Kumargi eta satiap tanggal 28 Oktober , sadaya bangsa Indonesia mieling kana ayana hari Sumpah Pamuda, sapertos anu nuju dilaksanakeun ku urang ayeuna.
Ku ayana mieling hari sumpah pamuda ieu mangga urang sambut ku tasyakkur kahadirat illahi rabi. Anu mudah-mudahan Allah SWT maparin berkah ka nagara urang sarta tetep nagara urang aya dina beungkeutan persatuan anu salamina. Urang parantos maklum yen dina tanggal 28 Oktober 1928 eta sacara buleud nampung kakuatan pamuda Indonesia kalayan sumpah satia hiji bangsa, hiji nusa jeung hiji bahasa. Dimana samemehna kakuatan pamuda teh papisah dina kelompokna masing-masing sareng anu sifatna kadaerahan, sapertos halna Yong Yava, Yong Sumatera, Yong Selebes, Yong Ambon jeung sajabana.
Kulantaran ngarasa sanasib, mangka kagugah kasadaran para pamuda nu ngeunaan kacida pentingna persatuan jeung kesatuan Nasional.
Berkah ayana kasadaran persatuan jeung kasatuan eta anu ngarupakeun kakuatan utama kana ngahontalna kemerdekaan dna tanggal 17 Agustus 1945 sabagi pintu gerbang anu kahiji pikeun ngahontal cita-cita bangsa Indonesia anumerdeka jeung berdaulat.
Ku ngayakeun paringetan Supah pamuda ieu hayu urang babarengan ningkatkeun kataqwaan urang ka Allah SWT. Nyaeta di antarana nagmalkeun ikrar Sumpah Pamuda 28 Oktober 1928.
Dosa kacida, munafeq ngarana jalma anu ingkar kana jangji atawa sumpahna. Sabab ngemutkeun dawuhan Rosulullah SAW. Disaurkeun kieu:
AYATUL MUNAAFIQINA TSAALATSUN, IDZA HADATSA KADZABA WA IDZA WA’ADA AKHLAFA WA IDZA TUMINA KHANA.
“Ari cirri-cirina jalma anu munafeq aya tilu nyaeta: dimana nyarita sok bohong, dimana jangji sulaya/ingkar jeung dimana diamanatan khianat.”
Urang bangsa Indonesia khususna para pamuda Indonesia, ngabogaan kawajiban sarta tanggung jawab pikeun ngabina kasatuan jeung persatuan bangsa. Para pamuda kudu wani ngarombak sagala kabatilan jeung hal-hal anu teu sarua jeung ajaran agama katut falsafah nagara. Sabage pamuda ulah putus pangharepan, pantang mundur upama cita-citana tacan laksana sarta kudu jadi pamuda anu iman tur taqwa ka Allah SWT. Pamuda salawasna ngabogaan daya cipta, rencana jeung pinuh ku inisiatif pikeun kamaslahatan umat sarta pamuda boga kakuatan persatuan jeung kasatuan lahir jeung batin di antara sasamana.
Dina salahsahiji katerangan disaurkeun kieu :
“Dina leungeun pamuda aya tangguna jawab sagala urusan kahirupan, jeung kahirupan hiji bangsa gumantung kana maju atawa mundurna pamuda di eta nagara.
Berkahna tina hasil perjuangan rakyat jeung pamuda Indonesia, kiwari kudu di buktikeun ku jalan ningkatkeun pangwangunan dina sagala bidang pikeun kabagjaan jeung kasajahteraan urang sadaya, boh di dunia atawa di akherat engke.
Akhirna sabagi penutup sambutan ti simkuring ieu, hayu urang babarengan ngahiji dina hiji kasatuan pikeun nangtungkeun jeung mertahankeun falsafah Pancasila jeung UUD 1945, sabagi falsafah jeung pandangan hirup bangsa. Sarta mudah-mudahan khususna para pamuda bangsa sing jadi pamuda panerus jeung pencetus sagala ide anu hade demi pikeun ngahontal cita-cita jeung harepan urang sadayana.
Mudah-mudahan Allah SWT salamina ngalimpahkeun rahmat sareng kasalametan ka para pamuda bangsa jeung nagara Indonesia. Amin!!!
Wassalamualaikum Wr. Wb
()http://turalakpujingkai-ciamis.blogspot.com/2010/05/conto-biantara-basa-sunda.html

Teori Biantara Sunda 1

Unak-Anik Ngeunaan Biantara

Pikeun cumarita di hareupeun jalma réa diperelukeun téhnik-téhnik anu kudu diperhatikeun pisan. Lain ngan saukur nalika cumarita wungkul anu penting diperhatikeun téh, tapi persiapan saméméh biantara ogé mangrupakeun salahsahiji faktor anu mangaruhan kana kasuksésan biantara.
1. Téhnik Nataharkeun Biantara
Perkara anu kudu dipersiapkeun saméméh biantara téh di antarana:
a. Nangtukeun tujuan. Biasana diébréhkeun dina téma atawa judul biantara.
b. Merhatikeun audiéns. Naha anu haladir téh barudak atau jalma déwasa, lalaki atawa awéwé, kumaha tingkat atikanana, lingkungan masarakatna, jeung sajabana.
c. Nyusun biantara kalawan hadé. Lamun perelu kudu nyusun naskah kalawan dilengkepan ku référénsi anu saluyu jeung jejer biantara.
d. Latihan kalawan bener-bener dina matéri, vokal, basa, gaya, lentong, jeung sajabana.
e. Nyayagikeun diri, boh pisik boh méntal, utamana rasa percaya diri.
f. Hadir kana acara saméméh acara dimimitian.

2. Téhnik Ngalaksanakeun Biantara

Perkara anu kudu dipersiapkeun nalika nepikeun biantara di antarana:
a. Berpenampilan rapih tur sopan saluyu jeung acara.
b. Nepikeun biantara kalawan tenang, pinuh ku rasa percaya diri dina nyanghareupan audiéns.
c. Nepikeun biantara sacara sistimatis. Lamun perelu mah diseling ku humor.
d. Nerangkeun masalah sacara gamblang, arguméntatif, sarta bisa diregepkeun tur kaharti ku parahadirin.
e. Ngatur jeung memperhatikeun waktu cumarita.
f. Lamun aya kakurangan atau kasalahan henteu géngsi pikeun ménta dihampura.
g. Nagmimitian jeung mungkas caritaan ku ucapan salam.

3. Struktur Biantara

Nyusun caritaan di hareupeun jalma réa pikeun ngajéntrékeun hiji perkara tur sangkan bisa nyugemakeun parahadirin anu ngabandungan biantara téh merelukeun kaparigelan husus. Dina kaumumanana, susunan biantara-hususna dina acara resmi- ngawengku sistimatika siga kieu:

a. Bubuka
Islam ngajarkeun supaya caritaan urang téh ngandung mangpaat jeung meunang rohmat Alloh. Ku sabab kitu, biantara nu hadé téh kudu dimimitian ku ucapan salam, muji ka Alloh swt., sahadat jeung solawat ka Rosululloh. Pikeun muka caritaan, ditepikeun ogé ucapan "nganuhunkeun" kana kasempetan anu disadiakeun pikeun biantara, ngenalkeun diri, jeung nepikeun sacara ringkes poko-poko caritaan anu bakal dipedar. Tujuan bubuka téh nya éta pikeun ngajak parahadirin sangkan merhatikeun caritaan tur ngajadikeun parahadirin museurkeun perhatianana kana perkara anu ditepikeun.

b. Eusi pedaran
Minangka inti tina biantara, eusi pedaran téh sakuduna:
1. Ditepikeun kalawan jéntré, sistimatis, jeung ngagunakeun basa anu éféktif.
2. Ngabogaan rarangkay caritaan anu ngaruntuy sarta gampang kaharti ku sakur anu ngabandunganana.
3. Medar jejer caritaan dibarengan ku alesan-alesan anu kuat tur dirojong informasi, fakta, data, jeung analisa anu logis.
4. Pikeun ceramah agama Islam, kudu nepikeun ayat-ayat Alquran jeung atawa Hadis anu patali jeung perkara anu dipedar.

Intina mah saurang orator, mubalig, atawa da'i anu cumarita di hareupeun jalma réa kudu nepikeun poko-poko pedaran kalawan basa anu merenah jeung pedaran anu pikaresepeun; jéntré naon anu dimaksud, argumentatif, jeung gampang kaharti ku sakur anu ngabandunganana.

c. Panutup

Panutup téh mangrupakeun rangkuman jeung kacindekan tina caritaan anu geus ditepikeun, jadi klimaks tina biantara, anu ahirna méré kesan anu kuat pikeun hadirin. Lamun perelu bisa dibarengan ku du'a jeung harepan. Sanggeus kitu dipungkas ku paménta pangampura tina sadaya kelepatan, tur ditutup ku ucapan salam.
(http://sundagasik.blogspot.com/2010/01/unak-anik-ngeunaan-biantara.html)

Contoh Pidato Biantara Sunda 6

Dedi Naskah Lomba Biantara Basa Sunda Siswa SD :
Tingkat Kec. Cikole Kota Sukabumi

Thema : “Ngarasa Reueus Jadi Urang Sunda”

NGAMUMULE BASA SUNDA
Kenging : Dedi Junaedi, S.Pd.
Saptu, ping 4 Maret 2006

Assalammu alaikum wr. wb.
Sampurasun !
Ibu-ibu nu luhung ku elmu-panimu, bapa-bapa nu jembar ku karsa – karya – katut pangalaman, oge rerencangan -- para siswa anu ku sim kuring dipiheman. Puji sinareng syukur Alhamdulillah urang sanggakeun ka dzat Illahi Robbi -- Allah SWT, mungguhing ku kakawasaan anjeun-Na urang sadaya tiasa diparengkeun riung mungpulung patepung lawung bari nyukcruk elmu pangaweruh, patepang raray patarema panangan bari nyiar pangabisa, bongkok ngaronyok paamprok jonghok sugan isuk jaganing geto bisa silih longok – silih pikasono, silaturrahmi numutkeun tali paranti tur sakumaha kedahna numutkeun ajaran Allah Sang Hyang Widi nu didugikeun ku para Nabi.
Kadang wargi anu mulya.
Dina ieu kasempetan sim kuring kenging pancen pikeun biantara dina raraga ”Ngaronjatkeun Ajen-inajen Atikan Basa jeung Sastra Sunda”. Nanging sateuacanna bade tamada ka wargi sadaya, neda ampun paralun bilih aya nu luhung kaluhuran, sih hapunten anu kasuhun, margi saestuna sim kuring rumaos miskin ku pangarti -- malarat ku pangabisa, rumaos teu bodo-bodo acan, estuning ilang along margahina. Nanging pedah kawengku ku pancen, sim kuring neda widi bade maksakeun bae diajar cumarita payuneun wargi sadaya. Judul nu baris dibiantarakeun teh nyaeta, “NGAMUMULE BASA SUNDA”
Hadirin anu ku sim kuring dipihormat.
Dumasar kana Kurikulum 2004, Atikan Basa jeung Sastra Sunda teh mangrupi pangajaran nu kaasup kana Muatan Lokal anu luyu pisan sareng lingkungan sabudeureun siswa, komo patali sareng Otonomi Daerah mah. Nyambung pisan tangtosna ge. Kumargi kitu, para siswa ditungtut malar kahudangkeun manah sareng emutannana sangkan mikaresep tur mikareueus kana basa Sunda salaku banda urang sadaya, banda pusaka urang tatar Sunda nu kudu dimumule sarta dilestarikeun ku para generasina.
Mun urang tatar Sunda mibanda rasa kacinta jeung kareueus pikeun ngamumule basa Sunda, tangtu moal mindeng teuing kacaritakeun salah ngalarapkeun kecap atawa kalimah dina komunikasi sapopoena, pangpangna dina ngagunakeun undak-usuk basa, boh lisanna -- boh tulisana. Contona bae :
Basa nu salah larapna
Dinten naon bade mios ka Bandung teh ? Ari jawabna : Insya Alloh abdi angkat dinten Saptu.
Sareng pun rama teu ? Ari jawabna : Manawi tos tilu dinten udur pun rama mah.
Ari kuduna mah
Dinten naon bade angkat ka Bandung teh ? Jawabanna : Insya Alloh abdi mios dinten Saptu.
Sareng tuang rama teu ? Jawabanna : Numawi tos tilu dinten teu damang pun bapa mah.
Jeung rea-rea deui conto sejenna.
Mindeng kabandungan ku urang sadaya, teu saeutik urang Sunda nu geus luntur rasa kareueus jeung rasa kacintana kana Basa Sunda. Buktina bae, loba nu indung – bapana pituin urang Sunda, tapi nyarios ka para putrana sapopoe ngagunakeun Basa Malayu, alias Basa Indonesia. Rajeun digunakeun ge dina waktu nyarekan. Lalampahan samodel kitu teh kapikir ku sim kuring mah saolah-olah mun aranjeunna ngagunakeun basa Sunda mah matak era, atawa boga anggapan handap nileyna. Aya deui nu boga anggapan yen lamun ngagunakeun basa Sunda teh cenah sieun salah ngalarapkeunna. Padahal mun seug dipikir deui mah, naha make kudu sieun salah ngalarapkeunna sagala ? Pan mun aya nu apaleun salah mah piraku teu aya nu ngomekeun sangkan bener. Jadi, nu puguh salah mah, nyaeta urang Sunda ku anjeun nu geus teu daek ngagunakeun basa Sunda dina kahirupan sapopoena. Anu antukna, generasi urang Sunda leupas tina purwa-daksi tur jati-diri ka-Sundaannana. Tah..., mun geus kieu, na rek ku saha atuh nu baris ngamumule basa Sunda teh ..... ?
Kadang wargi anu mulya.
Pikeun ngamumule basa Sunda saestuna henteu hese, tapi lain hartina kudu dianggap gampang deuih, lantaran dina prakprakannana kudu ngaliwatan sababaraha sarat. Ari saratna ngamumule teh kudu mibanda rasa kacinta reujeung kareueus. Eta rasa kacinta jeung kareueus teh bisa kaujudkeun lamun geus wanoh. Sangkan wanoh, nya kudu wawuh heula tangtuna ge. Jadi cindekna mah, sangkan generasi urang Sunda bisa ngamumule basa jeung sastra Sunda teh, leuwih ti heula kudu diwawuhkeun ti oorok. Ti orok beureum keneh basa jeung sastra Sunda kudu geus diwawuhkeun ka para putrana. Ari contona, geuning sangkan orok bisa sare atawa sangkan repeh tina ceurik, ku sepuhna sok dipangawihkeun Ayun Ambing. Anu kieu tea geuning kawihna teh :

Ayun-ayun ambing
Diayun-ayun ku samping
Ayun-ayun lenjang
Diayun-ayun ku sinjang
............................, jeung saterusna.

Atawa sok dipangdongengkeun geuning. Aya dongeng lalampahan kuya jeung monyet, dongeng pinterna sakadang peucang, dongeng kumaha licik jeung pangedulannana si Kabayan, jeung rea-rea deui dongeng sejenna nu biasana mah didongengkeunna teh memeh sare. Ku cara sarupa kitu, dipireungeuh atawa henteu, nu janten sepuh tos napelkeun opat rupa atikan ka nu janten putrana. Ka hiji basana, ka dua sastrana, ka tilu kawihna, jeung nu kaopatna ngawawuhkeun lampah paripolah alias adat istiadat urang Sunda ka darah-dagingna sorangan. Cing geura mangga lenyepan masing anteb, naha kabiasaan sarupa kitu teh ku urang rek dipiceun mundelna, terus nu nyesa kantun waasna ? Duh.........., piraku ……… dulur ?!
Hadirin anu ku sim kuring dipihormat.
Sabada ngalenyepan pananya tadi, sim kuring neda widi ka kadang wargi pikeun nyindekkeun kedaling ati -- pamugi teu lepat nampi, gelar amanat ka sadaya urang Sunda, muga diridhoan ku Sanghyang Murbawisesa -- Alloh SWT nu Maha Kawasa ; hayu urang sareundeuk saigel.– sabobot sapihanean – sabata sarimbagan -- rempug-jukung sauyunan, pikeun sabanda sariksa ngamumule basa titinggal karuhun urang sadaya – basa nu jembar ku ciri budaya, nyaeta basa Sunda.
Panutup catur – pamungkas carita ; mugi-mugi ieu pedaran sing janten panggeuing-pangeling anu teu kedah disebatkeun kanggo saha-sahana, mung rupina mah cekap dipundut kasadaranna bae. Salajengna, bilih aya Pangagung katut dulur-dulur nu kasiku kalbuna – bilih aya Pamingpin atanapi wargi-wargi nu kagerih atina –– sarta bilih aya Pejabat katut Aparat rengrengannana atawa baraya nu kadupak manahna, mugi agung cukup lumur – muga jembar hapuntenna nu diteda. Kana bobot pangayon – timbang taraju ti kadang wargi sadaya anu mulya, insya Alloh baris ditampi ku asta kalih – kasangga kalingga murda. Mugi Alloh nyakseni tur ngobulkeun kana niat suci urang sadaya pikeun ngamumule basa Sunda. Amien Yaa robbal alamien !
Wassalammu alaikum wr. wb.
(http://bs-ba.facebook.com/topic.php?uid=98783338722&topic=11518&post=53745)

Contoh Pidato Biantara Sunda 7

Bogor bihari, Bogor kiwari

Assalamualaikum, wr, wb,

Sampurasun,

Girang pangajen nu kusim kuring dipihormat, Bapa miwah ibu nu sami-sami linggih, sareng sadaya patandang pasanggiri biantara nu sami hadir, nu kusim kuring dipiajrih. Sateuacana simkuring medar biantara nu ngabatun jejer, Bogor bihari, Bogor kiwari. Bawi raos urang sami-sami ngahaturkeun rasa sukur tur salawasna muja kanu Maha Kawasa nu tos maparin kani’matan, sareng urang salamina neneda ka Mantena supados Bogor dijantenkeun tempat nu genah, mernah, aman karta raharja kanggo urang sadayana.

Bogor bihari, Bogor kiwari geus ngabukti, jadi ciri sajati majuna kala mangsa dina ngeusi kahirupan. Lamun seug urang muka lambaran sajarah ngeunaan Bogor mangsa katukang, tos pasti nu dicaritakeun ngan ngeunaan kaayaan Bogor nu masih keneh basajan, nu masih keneh iuh linduh ku hejo jeung rembetna kakayon, basajan memang tapi basajan dina harti nu teu sambarangan, di Bogor pernah nanjeur hiji karajaan nu kacida dipikaserab ku sakumna karajaan nu aya di tatar nusantara, samalah karajaan ti nagara deungeun nu pernahna di peuntaseun samudra oge ngaku yen Pajajaran pernah nganjrek tur ngageugeuh di ieu wewengkon nu kiwari disebut Bogor. Pajajaran hiji karajaan nu masih keneh disimbutan ku halimun kaahengan, lantaran dugi ka kiwari can aya ahli nu bisa nyebutkeun dimana pernahna Pajajaran nu saenyana. Keun eta mah urang teundeun dihandeuleum sieum urang tunda dihanjuang siang, sina jadi bahan carita nu salawasna ngondang kapanasaran pikeun urang tur turunan urang nu bakal datang, sangkan Bogor jeung Pajajaran tetep jadi sabiwir hiji.

Katebeh dieunakeun Bogor diranjah ku bangsa deungeun nu boga sikep sarakah hayang mibanda sagala. Tapi sok sanajan kitu bangsa nu ngaranjah tetep ngarasa micinta jeung ngarasa betah pikeun nganjrek di tatar Bogor. Hal ieu tiasa dibuktoskeun ku ayana rupa-rupa titinggal ti bangsa deungeun nu pernah nganjang ka Bogor, tingawitan ayana kebon raya, pamandian sempur nu kiwari tos salin jinis, kacaritakeun pernah ayana white pilar, atanapi tugu paranti ngukur jangkungna taneuh tina beungeut cai laut nu kiwari salin jinis jadi bunderan air mancur dugikeun ka ayana sinagoga atanapi tempat ibadahna urang Yahudi oge aya di Bogor ieu janten ciri yen Bogor jadi tempat pangjugjugan saban jalma. Malihan ayana wangunan Istana Bogor oge tos ngabuktoskeun yen Bogor teh mibanda ajen nu sakitu luhungna.

Dina mangsa kamerdekaan, wangunan Istana Bogor nu dipasieup tur dipinuhan ku rendeyna ratusan uncal geus bisa ngahasilkeun niley karaharjaan atanapi niley kabebasan jeung katengtreman sanes pikeun uncalna wungkul nu bisa bebas hirup kalayan teu ngarasa sieun ku ayana jalma, tapi pikeun nanjeurna perdamaian dunia. Pami teu percanten mangga urang beujeur beaskeun. Dina mangsa nagara-nagara tatangga urang keur ngalaman pacogregan, pami teu lepat mah nagara Thailand sareng Myanmar nu harita parebut wates nagara. Harita bangsa urang dipercaya pikeun ngaraketkeun deui tali babarayaan antara eta dua nagara, tah tempatna teh di Istana Bogor pisan, sareng hal nu teu pira nu jadi poko pami saliwatan mah. Utusan ti dua nagara ieu ngarasa kabita ku lobana uncal nu sangeunahna leuleumpangan bari teu sieun dirogahala, arinyana ngarasa kabita sarta sadar, lamun hayang boga nagara nu merdeka tur aman saperti nagara urang koncina nyaeta kudu silih asih, silih hargaan jeung nagara deungeun. Tah eta sababaraha warisan carita tina mangsa Bogor baheula nu kakoncara nepikeun ka ayeuna.

Tetela geuning nu namina sajarah kacida gede pisan ajenna, sajarah tiasa diangge eunteung pikeun kahirupan saterusna. Ngan nu kudu dibebener mah jalma nu ngeunteungna, da numutkeun sim kuring Bogor ayeuna mangrupikeun hasil ngeunteung ti jaman baheula. Pami baheula Bogor endah, asri matak pikabetaheun, naha kiwari Bogor bet salin rupa jadi patempatan nu pinuh kuleuyana angkutan kota jeung gegekna patempatan nu kurang endah katingalna utamina patempatan nu aya di sisi walungan, saha nu salah? Nu salah jalma nu ngajamanan lain jaman nu kedah disalahkeun. Mung sanaos kitu teu sakedik kamajuan Bogor di jaman kiwari diantawisna Bogor mangrupi gapurana ibukota nagara Indonesia nu mibanda ajen inajen sarta kamonesan nu hade, atuh dina prestasina kacida pisan seueurna. Tina widang atikan teu sakedik wawakil ti Bogor nu tos ngangkat harkat martabat nagara urang di lingkungan nagara-nagara sadunya. Atuh dina widang pariwisata di Bogor sagala nyampak iwal ti pariwisata laut panginten nu teu aya teh da di bogor mah teu aya laut.

Pamendak sim kuring, hiji nu teu acan aya di Bogor teh nyaeta atikan atanapi sakolaan nu muka jurusan basa Sunda nu mangrupi basa pituin seler Sunda, pami tiasa ka pamarentah sim kuring salaku palajar meredih sangkan di Bogor diayakeun sakola husus basa Sunda tong dugikeun ka jati kasilih ku junti, basa deungeun diguguglukeun, basa sorangan di antep kajeunkeun.

Rupina mung sakitu nu tiasa kapihatur kirang sareng langkungna neda sihapunten bilih aya cariosan nu kirang mernah, sareng mudah- mudahan tiasa langkung diperhatoskeun ku pihak pamarentah, sarta sim kuring neda kanu Kawasa mugi naon nu janten kalimah sakti urang Bogor “Ngancik Nu Bihari Seja Ayeuna Sampeureun Jaga” sing tiasa janten mangpaat kangge karaharjaan rahayatna. Hatur nuhun. Wassalamualaikum, wr, wb.
(http://batursimpe.wordpress.com/kliping-biantara-basa-sunda/)

Contoh Pidato Biantara Sunda 8

Tatakrama Gaul dina Kahirupan Sadidinten

Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Langkung tipayun mangga urang sami-sami manjatkeun puji sinareng sukur ka Alloh SWT.
Hadirin anu sami-sami dimulyakeun ku Alloh, dina ieu kasempetan sim kuring bade medar ‘Tatakrama Gaul dina Kahirupan Sadidinten’.
Dina kahirupan sadidinten tangtos urang teh kedah campur gaul, margi upama teu kitu tangtos hirup urang bakal ‘kuper’ alias kurang pergaulan. Namung kedah diemut omat dina campur gaul teh urang terang tujuanana kanggo naon, supados henteu salah kaprah. Komo dina milari sobat mah, kedah leres-leres nu ku urang tiasa diajak dina kasaean, sanes ngajak ka urang kana jalan nu teu sae.
Hadirin nu ku sim kuring dipihormat, geuning aya kalimah nu nyebatkeun pangsae-saena sobat dina campur gaul teh nya eta sobat anu tiasa nuduhkeun urang kana jalan kasaean. Janten sanes sobat upama eta jalma teh ngajak ka urang kana jurang kahinaan. Ulah lepat, masarakat di urang mah masih keneh nyepeng tata, titi, tindak, tanduk, sareng sopan santun nu ku urang kedah dipilampah. Upama urang teu milampah eta tatakrama tinangtu urang bakal dicap jalma ‘nu kurang tatakrama’, jalma teu sopan, jalma nu teu hade budi basana.
Hadirin nu sami hadir, kiwari kiwari seueur pisan para rumaja nu teu nganggo tatakrama. Boh dina campur gaul, atanapi dina ngajalankeun kahirupanana sadidinten. Contona seueur rumaja putri kiwari, nu teu tiasa ngajalankeun tatakrama dina nganggo busana acuk pungsat sareng merecet, dugi kaorat nu sakedahna ditutupan teh, kabuka ku acuk nu sapertos kitu. Pan matak lingsem ningalna oge.
Hadirin nu dipasihan rahmat ku Allah SWT. Hal nu sapertos kitu teh panginten hasil nitenan tina budaya deungeun. Hanjakal budaya nu awonna dicandak teh, sanes hal-hal nu saena. Busana sapertos kitu pantes kanggo urang barat mah, tapi teu pantes upama dianggo ku rumaja putri anu nyepeng tata, titi, tundak-tanduk, duduga peryoga dumasar kana agama sareng darigama mah.
Hadirin anu sami-sami dimulyakeun ku Allah, mung sakitu biantara ti sim kuring, mudah-mudahan aya mangpaatna kanggo urang sadayana. Upami tea mah aya kekecapan nu lepat, eta mah dongkapna ti sim kuring, atuh nu saena sumpingna ti Allah SWT. Hapunten bilih aya cariosan anu pondok nyogok panjang nyugak.

Wassalamu’alaikum Wr. Wb.

(http://umansidik.blogspot.com/2010/03/contoh-pidato-bahasa-sunda.html)

Contoh Pidato Biantara Sunda 9

BIANTARA PERESMIAN PAGUYUBAN PAMITRAN WARGA RT. 02/RW.IV

DSN. TENJOLAYA DS. SUKAGALIH

SUMEDANG, 22 APRIL 2006

(Ku : Sekretaris : Kardiyat Rosihan)

BAPAK KEPALA DESA, KETUA BPD, LPMD, KETUA RW. I/IV SARENG KETUA RT SA DSN. TENJOLAYA

BAPA KETUA DKM AL-AMANAH, ALMUBAROKAH SARENG DKM BAITUL MUMIN DSN. TENJOLAYA OGE KA DKM AT-TAUFIK

BAPAK KETUA RT.02 SARENG JAJARANANA

BAPAK BABINKAMTIBMAS KEC. SUMEDANG SELATAN

TEU HILAP KA PANGERSANA KETUA MUI KEC. SUMEDANG SELATAN (BAPA USTAD USUP)

ANU KU SIMKURING DIPIHORMAT

KA SADAYA WARGI-WARGI KHUSUSNA RT. 02 UMUMNA KA SADAYA NU HADIR ANU KU SIM KURING DIPIHORMAT.

ALHAMDULILLAH, WA SYUKURILLAH, WA NI’MATILLAH, REHING URANG TIASA RIUNG MUNGPULUNG SARENG DULUR-DULUR, TIASA TEPANG SARENG MIWAH KADANG WARGA, TIASA PAAMPROK JONGHOK SARENG NU DIPIKASONO, ETA SADAYA HAKEKATNA KALAYAN IJIN ALLAH SWT. ANU MAHA MURAH TUR MAHA ASIH.

SHOLAWAT, SALAM TUR KAWILUJENGAN MUGIA DIKOCORKEUN TUR DIKUCURKEUN KA PANUTAN ALAM NABI SINELIR, NABIYULLAH MUHAMMAD SAW. ANU TEU KINTEN KU URANG DIPIKACINTANA, KALEBET KULAWARGINA, PARA SAHABATNA, PARA TABI’IN , PARA TABI’IN TABI’IT KUM KA SADAYA UMATNA ANU MAHABAH KA ANJEUNNA, MUDAH-MUDAHAN URANG SADAYA SING DIPASIHAN SAFAAT DIYAUMIL AKHIR, AMIN YA ROBBAL ALAMIN.

SABDA PANGBAGEA, KALAYAN ASMANA PUPUHU PAGUYUBAN PAMITRAN WARGA RT. 02 / RW. IV DSN. TENJOLAYA DS. SUKAGALIH, ANU NUMUTKEUN KASAPUKAN SADAYA WARGA NYAETA KETUA PAGUYUBAN BAPA TATANG, NGAWAKILKEUN KA SIM KURING SALAKU SEKRETARIS NGAHATURKEUN NUHUN KA SADAYA NU LALENGGAH DINA ACARA PERESMIAN PAGUYUBAN PAMITRAN WARGA RT. 02/RW. IV DSN. TENJOLAYA ANU SAKANTENAN BARI NGALAKSANAKEUN PANGEMUT-NGEMUT MAULID NABI MUHAMMAD SAW 12 RABIUL AWAL 1247 H.

JANTEN PARA SEPUH SARENG HADIRIN SADAYANA, IEU RIUNGAN TEH AYA SABABARA MAKSAD :

  1. TASYAKUR BINI’MAT DIRESMIKEUNANA PAGUYUBAN PAMITRAN WARGA RT. 02
  2. CEUK BASA NU UMUM MULUDAN

  1. SILATURAHMI SARENG APARAT PAMARENTAHAN DESA, RW, RT OGE KADANG WARGA URANG SADAYA
  2. PANGEMUT-NGEMUT HARI JADI SUMEDANG NU KA 428

MERENAH PISAN SIM KURING NGADUGIKEUN PANGWILUJENG SUMPING KA SADAYA NU HADIR ANU PARANTOS NYAOSAN PANGANGKIR SIM KURING TI PANITIA PELAKSANA, SARENG NGARAOS REUG-REUG MARGI NU DIULEM KACIDA MUNDELNA APARAT PAMARENTAHAN OGE TI DKM DSN. TENJOLAYA.

DINA KASEMPETAN IEU SIM KURING ATAS NAMI KETUA BADE NGADUGIKEUN LAPORAN PELAKSANAAN KAGIATAN IEU DIANTAWISNA NYAETA :

  1. KAPANITIAN DI CEPENG KU PAGUYUBAN PAMITRAN ANU SUSUNANNA NYAETA :

PELINDUNG : KETUA RT. 02

PENASEHAT : SEKRETARIS RT & SEKSI KEROHANIAN RT. 02

KETUA PELKSNA : BAPA TATANG (SALAKU KETUA PAGUYUBAN)

SEKRETARIS : KARDIYAT ROSIHAN

BENDAHARI : IBU ST. IYEN

ANGGOTA : BAPA MAS ERI BAHARI

BAPA ENGKAM KAMTU

DIBANTOS KU SADAYANA WARGA RT. 02

  1. TEMA IEU KAGIATAN MULUDAN NYAETA : “ URANG WANGUN HIJI PARANGGON GOTONG ROYONG KU JALAN SILIH TULUNG TINULUNGAN DINA JALAN BEBENERAN, KALAYAN NGANGGE MOTO NULUNG KANU BUTUH, NALANG KANU SUSAH, BARI DIBARENGAN RASA TANGGUNG JAWAB”
  2. SUMBER DANA :

TI SADAYA WARGA RT. 02 ANU SIFATNA TEU MAKSA, MASIHAN KALAYAN IKLAS MANGRUPI :

1. ARTOS......................................RP 545.000,00

- KAS RT 02 AGEUNGNA............Rp 100.000,00

- WARGA RT. 02............................Rp 315.000,00

- IBU-IBU PANGAOSANDI RT. 02..... Rp 30.000,00

- TI LUAR RT. 02......................... Rp 100.000,00

2. BEAS KIRANG LANGKUNG 30 KG

3. TUANGEUN MANGRUPI TUMPENG SARENG SAJABINA NU NGADAMELNA MASING-MASING

SIM KURING ATAS NAMI PANGURUS PAGUYUBAN JAZAKALLOHU KHOIRON KATSIRO, KA SADAYA ANU PARANTOS NGAROJONG LANCARNA IEU ACARA.

DINA KASEMPETAN IEU OGE SIM KURING SAKANTENAN BADE NGUNINGAKEUN HAPERKAWIS PAGUYUBAN NU TOS DI BENTUK KAPANGURUSANNANA , ATUH OGE ANU SAKANTENAN BADE DIRESMIKEUN KU BAPA KAPALA DESA SUKAGALIH, DIANTAWISNA NYAETA :

  1. KAPANGURUSAN PERIODE (2006-2008)

KETUA : BAPA TATANG

SEKRETARIS : KARDIYAT ROSIHAN

BENDAHARI : IBU ST. IYEN S.

PENGAWAS PERIODE (2006 – 2008)

PENGAWAS : 1. BAPA MAS ERI BAHARI

2. BAPA ENGKAM KAMTU

II. NAMINA IEU PAKUMPULAN NYAETA :

“ PAGUYUBAN PAMITRAN WARGA RT. 02 DSN. TENJOLAYA “

DIBENTUK KAPING : 9 APRIL 2006 WAKTOS RAPAT WARGA RT. 02 DINA, ATUH DIRESMIKEUN DINA MOMENTUM HARI JADI SUMEDANG 428 PING 22 APRIL 2006, KALAYAN DIHADIRAN KU WARGA ANU HADIR NYAETA 27 KK, SADAYANA KK DI RT. 02 NYAETA 33 KK, MUNG KANYATAANANA JANTEN 40 WARGA, JANTEN TEU NINGAL KK TAPI NINGAL WARGA RT 02-NA BADE SAHA BAE MANGGA, JANTEN IEU PAGUYUBAN DIBENTUK NGANGGE (ATURAN TIKUKEUR WARGA) ATAS USUL, SARAN TI WARGA, KU WARGA KEUR WARGA, ALHAMDULILLAH KASAPUKAN SADAYA WARGA PAGUYUBAN IEU NGANGGO :

- LANDASAN : PANCASILA SARENG UUD 1945

- ASASNA : KAKELUARGAAN SARENG GOTONG ROYONG

- TUJUANNANA :

“ NGAWUJUDKEUN KASEJAHTERAAN WARGA RT. 02 KHUSNA, JEUNG NGAROJONG PANGWANGUNAN RW. IV KATUT DSN. TENJOLAYA DS. SUKAGALIH PADA UMUMNA”

III. FUNGSI SARENG MANFAATNA :

1. NGAWANGUN JEUNG NGEMBANGKEUN POTENSI KAMAMPUAN EKONOMI MASYARAKAT RT. 02/RW. IV KHUSUSNA, JEUNG WARGA DSN. TENJOLAYA UMUMNA PIKEUN KASEJAHTERAAN WARGA JEUNG SOSIALNA.

2. NGAJALIN SILATURAHMI, JEUNG GOTONG ROYONG GAWE BARENG, SILIH TULUNG TINULUNGAN DINA JALAN BEBENERAN

IV. BENTUK KAGIATANANA

1. SIMPANAN PAGUYUBAN PAMITRA RT. 02

2. PINJAMPEK

3. USAHA SANES PIKEUN NGARONJATKEUN PANGWANGUNAN EKONOMI KARAKYATAN

ALHAMDULILLAH SAPARANTOSNA DIBENTUK ; PANGURUS PARANTOS NGASOSIALISASIKEUN KA SADAYA WARGA RT. 02, TUR WARGA RT. 02 PARANTOS NGAREALISASIKEUN KANA KAWAJIBAN SALAKU ANGGOTA PAGUYUBAN ANU HASILNA DUGI AYEUNA PAGUYUBAN TEH TOS KAGUNGAN DANA PIKEUN DIKOKOLAKEUN KU URANG SADAYANA MANGRUPI ARTOS ANU AGEUNGNA Rp 881.400,00 (9 WARGA DEUI PANGINTEN ANU TEU ACAN MASIHAN KAWAJIBAN NAMUNG TOS NAWIS SERAT PERNYATAAN KEANGGOTAAN), HATUR NUHUN KANA KAPERCANTENAN TI SADAYA WARGA RT. 02. KA SADAYA PANGURUS. ATUH PROPIL SARENG PROGRAMNA TOS DISUSUN KALAYAN PARANTOS DIUNINGAKEUN KA PANGAWAS MINANGKA WAWAKIL ANGGOTA PAGUYUBAN KALAYAN BRUK-BRAK DIUNINGAKEUN KA BAPA RT SALAKU PALINDUNG ,TAH TAUN PAYUN MAH JANTEN CICIREN HARI JADI SUMEDANG TEH KHUSUSNA KANGGO RT. 02 MAH PANGINTEN DISAGEDENGEUN PANGDAWEUNGAN MUKA TINEUNG KA KOTA SUMEDANG, OGE PAMUKANING TUTUNGKUSAN DINA SATAUN, ANU TEUKIRANG PENTINGNA NGUNINGAKEUN KA SADAYA WARGA RT. 02 LENGKAH-LENGKAH ANU BADE DILAKSANAKEUN TAUN SALAJENGNA, SAUR NU UMUMNAMAH LAPORAN PERTANGGUNGJAWABAN PENGURUS PAGUYUBAN.

KUKITUNA NEDA PIDU’ANA NU KASUHUN, HUSUS TI PARA SEPUH UMUMNA TI SADAYANA NU HADIR, MUGIA SIM KURING SALAKU PENGURUS SADAYA SING TIASA NGALAKSANAKEUN TUGAS, AMANAH WARGA RT. 02, HAKEKATNA AMANAH ALLAH SWT.

ATAS NAMI PENGURUS PAMUGI SING DIPASIHAN KAKIATAN, SEHAT LAHIRIAH, SEHAT BATINNIAHNA, TURTA AYA DINA PANANGTAYUNGAN ALLAH SWT. AMIN.

SAKITU PANGINTEN SINGKETNAMAH

ATUH HAPUNTEN ANU KASUHUN, BOK BILIH SAUR TEU DIUKUR-UKUR, SABDA TEU DIUNGGANG-UNGGANG, AYA KECAP ANU TEU MERENAH, , AYA PISANGGEM ANU TEU LERES DA SANES AHLINA, MUGIA AGUNG CUKUP LUMUR JEMBAR SIHAKSAMI..

.URANG BISMILAHAN BAE MANGRUPI SEKAR PAMUKA CARITA DI WEWENGKON RT. 02

MARGI BISMILAH TEH MANGRUPI KEDALING LISAN PAMIANGAN ANU IMAN, ATUH OGE BISMILAH TEH MENGRUPI MUNGGARAN LENGKAH LUMAMPAH, CIRI MIMITI URANG INDIT, BARI NYUPRIH KARIDOAN GUSTI,

TANDA PRAK URANG LUMAMPAH, NEDA KABERKAHAN GUSTI ANU MAHA KAWASA, TUR MAHA ASIH.

DA MUNG GUSTI WUNGKUL PAMUNTANGAN NU RUMINGKANG, PANGEUMBINGAN NU SUMANDING.

TONG HILAP, HAMDALAH, TANDA URANG PAPASRAH, MARGI MUNG MANTENA WUNGKUL ANU PAYUS SARENG WAJIB DIPUJI KU SAGEMBELNGNA MAHLUK ANU KUMELIP DISATUNGKEBING LANGIT DI SATANGKARAKING JAGAT.

ATUH OGE HAMDALAH TEH MANGRUPI PANGIPAS RASA WAS-WAS, PANYINGLAR RIA SARENG SUM’AH ANU SUMARAMBAH DINA MANAH, PANUNDUNG UJUB TAKABUR NU MAHABU DINA KALBU, PANGUSIR KUMAKI ANU NGADAKI DINA ATI, PANGJEPRET KAREREPET NU SUMELEKET DINA HATE.

MUGIA ALLAH NGAIJABAH PAMAKSADAN URANG, SARTA TETEP AYA DINA PANANGTAYUNGAN TURTA KARIDOAN MANTENA, AMIN YA ROBBAL ALAMIN.

SAKALI DEUI KA SAKUMNA ANU PARANTO RUMOJONG KANA ACARA IEU SIM KURING ATAS NAMI PANGURUS NGAHATURKEUN SEWU NUHUN LAKSA KETI KABINGAHAN.

BEAS DITUTUAN DEUI, IRAHA URANG PATEPUNG.

ROBBANA ATINA FI DUNYA HASANAH, WAFIL AKHIROTI HASANAH WAQI’NA ADZABANNAR.

SUBAHA ROBIKA ROBBIL IJJATI’AMMA YA SIFUN WASSALAMU ALAL MURSALIN,

WALHAMDULILLAH HI ROBBIL ALAMIN

WABILAHI TAUFIQ WAL HIDAYAH

WASALAMU’ALAIKUM WR. WB.

SUMEDANG-TENJOLAYA, 22 APRIL 2007

(http://tenjolaya.blogspot.com/2009/03/arsip-pidato-pada-waktu-peresmian.html)

Contoh Pidato Biantara Sunda 10

Pidato Pupuhu YPDS

Ieu naskah biantara Ketua Yayasan Pendidikan Dayang Sumbi, Dr. Iwan Inrawan Wiratmadja, Yayasan nu ngokolakeun ITENAS, dina acara Sawala Saptu kamari. (Anjeuna dosen di Teknik Industri ITB. s1-na angkatan 78). Abah Surya oge masihan disket nu eusina naskah Sawala anjeuna (ngabahas buku SBjS tina segi Sastra & fenomena basa Sunda), ngan hanjakal disketna aya makro-an, virus jigana...
--------------------------------------------------------- ----------------------------
Hadirin nu dipihormat ku sim kuring, Assalamualakium warahmatullahi wabarakatuh,

Hapunten upami pangjajap ti sim kuring ngangge dua bahasa, Sunda sareng Nasional.

Tipayun, ngahaturkeun laksa keti kabingahan kana kadongkapanana dina ieu acara. Mung neda dihapunten upami panampina kirang nyugemakeun, oge wirehna Rektor Itenas, Prof. Djuanda Suraatmadja kaleresan teu tiasa ngahadiran ieu acara jalaran aya acara sanes di ITB.

Nami yayasan nu ngokolakeun Institut Teknologi Nasional (ITENAS) teh nyaeta Yayasan Pendidikan Dayang Sumbi. Parantos kauninga ku sadayana, Dayang Sumbi teh hiji tokoh dina legenda di Tatar Sunda. Asa merenah upami civitas akademika Itenas, ngiring ngarojong kana usaha-usaha ngembangkeun kabudayaan Sunda, sok sanaos ieu kampus teh udaganana dina widang teknologi, tapi da jalmi mah multi dimensi, unsur budaya kedah tiasa ngimbangan kamajuan teknologi. Teknologi ulah janten ririwa kanggo kamajuan budaya malah sing tiasa janten media kanggo ngembangkeun budaya urang sadayana.

Sim kuring ngiring bingah wirehna Lingkung Seni Sunda (Lisenda) Itenas -wadah mahasiswa kanggo dialajar kasenian Sunda- tiasa ngalebarkeun garapanana kana widang basa Sunda. Nuhun ka Komunitas Urang Sunda di Internet nu parantos ngajak mahasiswa Itenas ngiring ngembangkeun budaya Sunda utamina basa. Mudah-mudahan ieu tarekah tiasa ngiring ngahudangkeun Urang Sunda kanggo malire sareng ngembangkeun budaya Sunda, nanjeurkeun budaya Sunda di habibatna. Oge kapayun, sim kuring miharep, kagiatan teh tiasa ngawengku bidang-bidang sanes perkawis Sunda sareng kasundaan.

Sakali deui sim kuring kacida nganuhunkeunana ka sadayana anu parantos kersa sumping nohonan pangulem di Lisenda, teu kalangkung ka Bapa RH Hidayat Suryalaga, ka Ibu Aam Amalia, ka Bapa Adang.S sareng ka Bapa Ibing Kusmayatna, nu parantos kersa sumping. Urang sadayana tangtos moal bireuk deui ka ieu opat inohong, nu tangtos hadirin sadayana parantos uninga, kukituna mugi mugi ieu pajemuhan janten hiji pamuka lawang kanggo kagiatan salajengna. Tina ieu pajemuhan mugi mugi aya hasilna, anu tangtos janten pi-kareueuseun urang sunda sadayana

Sim kuring kantos nguping aya harewos bojong wirehna dina danget ieu budaya sunda khususna basa sunda sapertos anu kirang dipalire, utamina ku generasi anom, kalintang matak hanjakalna upamin eta harewos bojong teh leres, lebar bilih engke anak incu urang sadayana nguping basa sunda mung ukur dina dongeng, malih kapan aya heureuyna moal enya upami hoyong diajar budaya sunda kedah ka walanda atanapi ka Australi.Upami tea mah leres kitu lebar temen.

Sasieureun sabeunyeureun, ieu kiprahna Lisenda mugi janten tawis urang sunda teh masih keneh micinta kana budayana sareng kana basana.
(http://dudijeungurangsunda.blogspot.com/2002/06/pidato-pupuhu-ypds.html)

Contoh Pidato Biantara Sunda 5

Biantara Paturaytineung

Sampurasuuunnn nuun
Hatur nuhun

Bismillahirrahmanirrohim,
Assalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh
Langkung ti payun, mangga urang sami-sami nyanggakeun puji sinareng sukur ka Gusti Anu Maha Suci, réhna dina dinten ieu urang tiasa ngariung enggoning ngahadiran acara paturay tineung. Solawat sinareng salam mugia salawasna ngocor ka Kangjeng Nabi Muhammad SAW, ka kulawargina, ka sahabatna, katut ka muslimin sareng muslimat sadayana kalebet urang sadayana anu hadir dina ieu acara.

Hadirin anu sami-sami rawuh, utamina:
• Kepala Dinas Pendidikan dan Olah Raga atanapi anujanten wawakilna
• Ketua Yayasan Darma Setia Kosgoro miwah réngrénganana
• Bapa Kapala Sakola miwah Ibu sareng Bapa Guru SMA Kosgoro Kota Bogor
Anu ku sim kuring dipihormat.
Kitu oge ka sakumna siswa/siswi SMA Kosgoro anu ku sim kuring dipikacinta.
Dina ieu waktos, sim kuring dipercanten sasanggem minangka wawakil ti sakumna siswa/siswi kelas 12 anu moal lami deui badé ngantunkeun SMA Kosgoro Kota Bogor.

Sateuacan neraskeun nyanggem, simkuring seja nepangkeun, wasta…………………………….. kelas 12……
Hadirin hormateun simkuring, sarta dulur-dulur siswa/siswi SMA Kosgoro nu dipikacinta.

Teu karaos asa nembé kamari sim kuring jeung dulur sa entragan, anjog ka ieu sakola dina kaayaan anu suwung ku pangaweruh lara ku pangabisa tatapi aya dina paniatan anu kalintang luhung tur luhur ajenna, nyaéta nyuprih elmu nyiar pangabisa di ieu sakola, dina bimbingan tur atikan ti bapa miwah ibu guru kalawan ku kasabaran anu tan wates wangenna; Kiwari geus kudu miang ninggalkeun sakola, para guru salaku sepuh anu kalintang dipihormat, ogé adi-adi siswa/siswi SMA Kosgoro.

Aya kasedih nyangkaruk dina haté, anu jadi bangbaluh pédah ahirna kudu ninggalkeun anu kungsi jadi tempat-tempat dimana kuring saparakanca biasa idek liher. Kajadiaan-kajadian anu pikasediheun, pikabungaheun, pikalucueun, ogé pikasieuneun. Papisah jeung dulur-dulur, adi-adi kelas, ngantunkeun bapa miwah ibu guru anu salami ieu parantos ngawariskeun élmu pangaweruh ngawulang pangabisa ka sim kuring saparakanca. Éta téh bakal janten katineung sim kuring saparakanca

Tatapi aya kabungah anu badag kacida, moal aya kecap anu bisa ngawawakilan, duka kumaha kudu ngungkabkeunana, réhna antukna réngsé ogé nyuprih élmu nyiar pangabisa di ieu paguron.

Ayeuna sim kuring saparakanca kudu miang ti ieu sakola, sok sanaos teu sadaya laksana neraskeun sakola ka puguron luhur, tapi ari kawajiban milari élmu mah moal dimomorékeun. Mugia pangaweruh sareng atikan anu parantos di tenggerkeun dina dada sim kuring saparakanca ku bapa miwah ibu guru salami tilu taun tiasa janten tatapakan dina enggoning mayunan gapura kahirupan sareng ngudag cita-cita. Mugia bapa miwah ibu guru tiasa ngadungakeun, pamugi léngkah sim kuring saparakanca kanggo kapayunna sing tiasa lungsur-langsar sareng aya dina ridho Gusti Anu Maha Suci. Insya Alloh.

Hadirin hormateun simkuring
Dina kasempetan ieu sim kuring saparakanca ngahaturkeun sewu nuhun ka ibu rama ku kanyaahna parantos maparin kesempetan nyukcruk pangaweruh di ieu paguron. Ka Bapa miwah Ibu guru, salami sim kuring saparakanca nyuprih élmu jeung pangabisa, kalintang seueurna ucap lampah anu nguciwakeun sarta jadi bangbaluh kana manah bapa/ibu guru sarta sesepuh di ieu paguron. Pamugi Bapa miwah Ibu Guru luntur galih, kersa ngahapunten sim kuring saparakanca. Sawangsulna deuih, pami téa mah aya sakedik kalepatan Bapa miwah Ibu Guru, Insya Allah ku kaweningan tur kaihlas ku sim kuring saparakanca badé dilubarkeun.

Husus kanggo Almarhumah Ibu Kapala Sakola, Ibu Dra. Hj Tjahni Mariam, anu parantos ngantunkeun urang sadaya, sim kuring saparakanca sambung dunga mugia mantenna anu parantos mingpin ngajaring ieu paguron; masihan kanyaah, bingbingan, panuyun, panggeuing sareng tuladan ka urang sadaya tiasa ditampi Iman Islamna kalayan dipaparin tempat nu mulya kénging darajat anu satata sareng para Aulia anu dipikacinta ku Allah, amiin… amiin ya Robbal alamiin.

Pamungkas hayu urang sasarengan ngadu’a mugia urang sadaya tiasa lulus 100%. SMA Kosgoro Kota Bogor nu kalebet Sekolah Standar Nasional, nu majeng kana rintisan Sekolah Bertaraf Internasional, kalawan berangkat tina tatapakan Sekolah Berwawasan Kebangsaan dan Keunggulan Teknologi tiasa ngawujud jadi sakola pangpunjulna di Kota Bogor. Kalayan henteu nyapirakeun kabeungharan budaya bangsa sorangan.
Sakitu anu diseja kirang langkungna mugia tiasa ngahapunten
Pileuleuyan pileuleuyan…sapu nyéré pegat simpay,
Pileuleuyan pileuleuyan…paturay patepang deui…
Insyaallah…
Wassalam.

(diserat ku Herni2ngsih, guru SMA Kosgoro Kota Bogor, kanggo biantara dina paturaytineung 2008-2009)

(http://leuit.wordpress.com/2009/07/03/biantara-paturaytineung/)

Contoh Pidato Biantara Sunda 4

PIDATO BAHASA SUNDA

Itung-itung belajar basa sunda, isenk-isenk kita bikin pidato versi basa sunda. Karena masih banyak orang yang belum bisa membuat pidato versi basa sunda. Mohon maaf bila masih ada kekurangan dan banyak salahnya. Namanya juga masih belajar tho?!

BIANTARA KABERSIHAN SAKOLA
Assalamu’alaikum Wr. Wb.
Bapak kepala SMA Negeri 1 Mangunjaya nu ku simabdi dipihormat, Ibu miwah Bapak Guru anu dipihormat, para staf Tata Usaha nu sami-sami lingsih, kanca mitra, rerencangan saangkatan sareng adi-adi kelas anu ku abdi dipikacinta.
Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sareng syukur ka Allah SWT nu parantos maparin waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang raray dina ieu acara. Teu hilap mugia shalawat sinareng salam urang sanggakeun ka junjungan urang Nabi Agung Muhammad SAW.
Para wargi anu ku simkuring dipihormat.
Dina ieu waktos, abdi bade nerangkeun sakumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Janten, urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina sagala panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kapayunna di kawitan ti ayuena.
Dina hadits oge diterangkeun, nyaeta :
Inna dhofatu minal iman
Nu hartosna : “Kabersihan teh sabagian tina Iman”
Tina hadits di luhur, urang tangtu tos ngartos maksad sareng tujuannana, nyaeta urang teh umat muslim anu ngagaduhan iman dina jero hate urang. Upami urang sadaya iman ka Allah, berarti urang kudu bersih atanapi suci tina sagala kokotor boh hadas alit atawa hadas ageung, nu sangkan nyebabkeun urang teu suci. Bersih tina eta sadaya teh nu didasarkeun tina bersihna sucina urang sareng lingkungan di sakitar urang. Urang kudu mikacinta kabersihan sangkan hate urang ge milu bersih.
Para wargi anu mulya.
Kaqbersihan teh aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa, bersih raga, sareng bersih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anu kaasup kana jalma anu bersih sadayana. Allohumma, amien... Hayu urang sami-sami ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kasaean urang sadaya sangkan tiasa leuwih getol kana ibadah ka Gusti nu Maha Welas tur Maha Asih.
Para wargi anu mulya.
Cekap sakitu abdi nyanggakeun pihatur, pamungkas pisanggem, bilih aya basa anu kirang entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenanh larapna, mugi kersa ngahapunten.
Wassalammu’alaikum Wr. Wb.
(http://asy-syakiri.blogspot.com/2010/04/pidato-bahasa-sunda.html)

Contoh Pidato Biantara Sunda 3

Bahasa Sunda : Biantara Basa Sunda
Dampak-dampak dina acara TV
Bismillahirahmannirahim
Assalamualaikum WR. WB
Bapa Ibu anu ku simkuring dipihormat, rekan-rekan anu simkuring dipihormat, tipayun mangga urang sami-sami manjatkeun puji syukur kahadirat Allah SWT. Kalayan hormat sareng hidayahna dina siang ieu urang parantos tiasa riung mungpulung didieu tempat kalayan aya dina kaayaan sehat walafiat.
Salajengna salawat miwah salam mugian tetep dilimpahkaeun kujunjungan urang sadaya, kanjeng Nabi Muhamad SAW. Kapara kulawargana para sahabatna sareng ku urang sadayana salaku umatna anu tunduk sareng taat kana ajaranana.
Urang sadaya terang, dijaman ieu, teknologi tos beuki mutahir, kreatipitas beuki luas. Kitu oge di Indonesia, acara-acara di TV ti taun ka taun beuki ngirut. Para produsen oge paheula-heula nampilkeun suguhan nu kacida ngirutna dina hate. Nanging, tina sadaya acara the nyimpulkeun dampak anu hade pikeun para pamirsa. Sabagian gede para produsen ngan mentingkeun kauntungan pikeun sorangan tampak mikir dampak anu ngarugikeun masarakat.
Urang nyandak conto sabagian leutik tina dampak negatip di acara TV the. Conto berita anu keur gencar diberitakeun, nyaeta maotna salah saurang budak lantaran pagawean babaturanana nyonto adegan au ditangkeun dina acara TV. Tidinya katingali yen cono nu goreng tina TV loba anu ngederkeun masarakat. Khususna para sepuh anu kacida kawatirna kana perkembangan para putrana. Kukituna para sepuh kedah tiasa ngwaskeun putrana sangkan heunteu nonton hal-hal anu di luar batas.
Tapi seueur oge dampak positif anu ditayangkeun di acara-acara TV. Contona acara-acara elmu pnegtahuan, pangaosan, jsb. Acra-acra rta nambahkeun elmu urang dina sagala bidang.
Janteun, urang kudu pinter-pinter milih acara anu sae kanggo urang sareng heunteu ngajurumuskeun barudak kana hal-hal anu teu dipikahareup.
(http://littlebitbutoomuch.blogspot.com/2010/04/bahasa-sunda-biantara-basa-sunda.html)

Contoh Pidato Biantara Sunda 2

Bismillahirrohmanirrohim,
Puji rawuh sukur langkung ti payun dihaturkeun ka hadirat Ilahi Robbi, anu parantos maparinpareng ka urang sadaya dugi ka tiasa tepung lawung dina danget ieu. Kantenan sim kuring seja ngahaturkeun pinten-pinten nuhun, utamina ka Bapa Bupati Bogor, ka parapajabat pamaréntah anu ngahaja ngersakeun sarumping, ka sadérk-sadérék anu ngahaja sumping ti tebihna, ti Jakarta, ti Sukabumi, ti Cianjur, sareng ti Bandung. Kantenan ka pribumi urang Bogor mah sim kuring ngahaturkeun réwu-réwu nuhun, wirvh kersa ngaluuhan ieu riungan Lawung Budaya.
Katumampian nu teu kinten ageungna teu hilap ku sim kuring dihaturkeun ka pun lanceuk, Ceu Tien Rostini Asikin, anu taya reureuhna kencar-kencir ngiring kaririweuhan, ti nalika tatahar tug dumugi ka kawujudkeunana ieu riungan.
Parasadérék anu ku sim kuring dipihormat,
Ku pangjurung ti mitra-mitra anu sering riungan, sim kuring kapentés gawé, kedah sumanggem pikeun ngedalkeun naon anu janten purwa lantaran, sareng naon anu janten maksad katut tujuan urang ayeuna ngayakeun acara Lawung Budaya. Sim kuring nu katempuhan, tamahna rumaos sim kuring pisan awitna ngabijilan hoyong ngayakeun Lawung Budaya di uanggal kabupatén nu aya di Tatar Sunda téh. Tumali sareng éta, neda widi sim kuring seja muka tungkus pamaksudan, ngedalkeun anu lawas kapiangen.
Parasadérék,
Sakumaha anu tos kauninga ku sadayana, ray dinten, ray dinten téh masarakat urang teu aya kendatna ditaragal ku kabudayaan anu jolna ti luar. Dina leresan bocok mah tangtos pisan kabudayaan Sunda téh. Sakapeung mah urang téh sok salempang, boa-boa baris karandapan jati kasilih ku junti. Tapi ah, palias teuing.
Kanggo ngungkulan ieu kaayaan anu kacida pikasalempangeunana, teu aya sanés, urang anu sadaya sugri ka Sunda kedah guyub akur, sapamadegang ngahiji, pikeun ngaujudkeun katahanan budaya Sunda. Pikeun ngahontal hal ieu, urang peryogi nyusun léngkah-léngkah sareng stratégi, anu salajengna dilaksanakeun kalawan daria.
Ku émutan sim kuring, kaayaan anu sapertos ayeuna téh teu tiasa diantep, urang teu tiasa api lain meungpeun carang, jalaran hal ieu téh janten masalah ungkulaneun sugri urang Sunda. Atuh kantenan kedah aya riungan anu medar sareng nembrakkeun masalah, enggoning mikawanoh masalah naon anu saleresna dipayunan ku urang sadaya, hususna masalah anu aya rambat kamaléna sareng seni, budaya, katut basa Sunda. Upami urang sadaya parantos sapanyawangan kana jentulna masalah, nembé urang barembug deui, kedah kumaha ngungkulanana. Anu gaduh kawajiban pikeun milarian tarékah masalah téa, teu aya deui iwal ti tilu pihak, nya éta paraseniman sareng organisasina, pamaréntah, sareng masarakat. Ku émutan, ieu riunagn ogé parantos pepek sadaya wakilna.
Salajengna, naon anu jadi udagan sim kuring saparantos pamaksadan tadi diuningakeun, teu aya sanés, nya éta ayana pandangan sareng sikep anyar kana budaya Sunda, bari sakantenan nangtoskeun léngkah naon baé nu kedah dipilampah ka payunna. Kitu udagan sim kuring téh.
Para sadérék sadaya,
Numutkeun panitén sim kuring, sabagian ageung masarakat urang, kitu deui paragegedén nagara, masih kénéh kagungan anggapan yén seni budaya téh ngan pikeun hiburan, ngan mangrupi produk pikeun ngalelejar manah. Tebih tangéh kana tiasa ngajénan yén seni budaya téh hiji ciri idéntitas bangsa, ajén diri nu baris ngawujudkeun citra bangsa.
Anggapan sabagian ageung masarakat anu sapertos disebat nembé téh ngagambarkeun yén wawasan seni budaya "maranéhna" masih kénéh cupet tur heureut. Hal ieu teu tiasa diantep, urang kedah satékah polah nyingraykeun lalangsé paneuteup anu cupet téa.
Kanggo conto kumaha hasilna seni budaya anu tadina ukur jadi miliki hiji bangsa, nanging ahirna janten banda seni budaya dunya, contona karya seni Léonardo da Vinci, Van Goh, Rembrant, Picasso, Mozart, Beethoven, sareng seueur-seueur deui.
Sapanjang seni budaya mung ukur dianggap barang kanggo hiburan, seni budaya Sunda moal pinanggih sareng komara ajénna. Ku kituna pandangan sareng anggapan anu teu merenah téh kedah ditarékahan sina robih.
Upami dititénan kaayaan seni budaya Sunda ayeuna, aya anu nimbulkeun kareueus, matak ageung manah. Nanging aya deui anu matak pikasalempangeun, boa-boa baris muguran nu antukna mung kantun ngaran. Seni budaya nu matak janten bingah téh tiasa tumuwuh ku karancagéan senimanna, upamina waé jaipong, anu parantos ngalanglang dunya, seni karawitan anu dijejeran ku sadérék Nano, wayang golék anu ditaratas ku sadérék Asép Sunandar, gotong singa, rampak kendang, sareng sajabina. Dupi anu pikamelangeun, tétéla langkung seueur deui, nya éta kasenian tradisional anu kiwari katélér-télér, kirang dipiroséa.
Parasadérék anu dpihormat,
Paraseniman, budayawan, sareng masarakat urang ayeuna saleresna nuju aya di tengah-tengah adu hareupanana sababaraha kakiatan, upamina waé
TRADISI X MODÉREN
PROFÉSIONALISME X AMATIRAN
HUKUM ALAM: NU KUAT NGAGILES NU HÉNGKÉR
sareng sajabina.
Mayunan kaayaan sapertos kieu, urang teu tiasa cileureun, cicingeun. Hal ieu anu janten masalah urang kiwari téh.
Sateuacan sim kuring mungkas pisanggem, aya anu hoyong didugikeun heula ka sdayana, ieu riungan Lawung Budaya téh sanés kanggo madungdengkeun béntenna pamendak, sanés kanggo ngadu arguméntasi, nanging kanggo nembrakkeun rupi-rupi masalah nu aya rambat kamaléna sareng seni budaya katut basa Sunda. Anu dipiharep ti parasadérék teu aya sanés kersa sasarengan ngawincik nu janten masalah urang téa, lajeng kumaha cara ngungkulanana, sareng urang nyobi-nyobi bari prak ngagarapna.
Urang wujudkeun silihasih, silihasuh, sareng silihasah, tegesna: silihasih ku rasa mimitran anu wening, silihasuh ngajénan sasama numutkeun profésina, silihasah padanambihan katerang.
Mung sakitu anu dipisanggem.
Wabillahitaufik wal hidayah,
Wassalamu 'alaikum warohmatullohi wabarokatuh.

Catetan: Ieu biantara didugikeun ku Acil Bimbo,
dina riuangan Lawung Budaya Bogor, 11 Oktober 1987.
Sumber: Drs. Tatang Sumarsono. 2006. Biantara Basa Sunda.

Bandung: CV Geger Sunten.
(http://sundagasik.blogspot.com/2010/01/biantara-bubuka-dina-acara-lawung.html)

Contoh Pidato Biantara Sunda 1

Biantara Bubuka dina Acara Lawung Budaya

Bismillahirrohmanirrohim,
Puji rawuh sukur langkung ti payun dihaturkeun ka hadirat Ilahi Robbi, anu parantos maparinpareng ka urang sadaya dugi ka tiasa tepung lawung dina danget ieu. Kantenan sim kuring seja ngahaturkeun pinten-pinten nuhun, utamina ka Bapa Bupati Bogor, ka parapajabat pamaréntah anu ngahaja ngersakeun sarumping, ka sadérk-sadérék anu ngahaja sumping ti tebihna, ti Jakarta, ti Sukabumi, ti Cianjur, sareng ti Bandung. Kantenan ka pribumi urang Bogor mah sim kuring ngahaturkeun réwu-réwu nuhun, wirvh kersa ngaluuhan ieu riungan Lawung Budaya.
Katumampian nu teu kinten ageungna teu hilap ku sim kuring dihaturkeun ka pun lanceuk, Ceu Tien Rostini Asikin, anu taya reureuhna kencar-kencir ngiring kaririweuhan, ti nalika tatahar tug dumugi ka kawujudkeunana ieu riungan.
Parasadérék anu ku sim kuring dipihormat,
Ku pangjurung ti mitra-mitra anu sering riungan, sim kuring kapentés gawé, kedah sumanggem pikeun ngedalkeun naon anu janten purwa lantaran, sareng naon anu janten maksad katut tujuan urang ayeuna ngayakeun acara Lawung Budaya. Sim kuring nu katempuhan, tamahna rumaos sim kuring pisan awitna ngabijilan hoyong ngayakeun Lawung Budaya di uanggal kabupatén nu aya di Tatar Sunda téh. Tumali sareng éta, neda widi sim kuring seja muka tungkus pamaksudan, ngedalkeun anu lawas kapiangen.
Parasadérék,
Sakumaha anu tos kauninga ku sadayana, ray dinten, ray dinten téh masarakat urang teu aya kendatna ditaragal ku kabudayaan anu jolna ti luar. Dina leresan bocok mah tangtos pisan kabudayaan Sunda téh. Sakapeung mah urang téh sok salempang, boa-boa baris karandapan jati kasilih ku junti. Tapi ah, palias teuing.
Kanggo ngungkulan ieu kaayaan anu kacida pikasalempangeunana, teu aya sanés, urang anu sadaya sugri ka Sunda kedah guyub akur, sapamadegang ngahiji, pikeun ngaujudkeun katahanan budaya Sunda. Pikeun ngahontal hal ieu, urang peryogi nyusun léngkah-léngkah sareng stratégi, anu salajengna dilaksanakeun kalawan daria.
Ku émutan sim kuring, kaayaan anu sapertos ayeuna téh teu tiasa diantep, urang teu tiasa api lain meungpeun carang, jalaran hal ieu téh janten masalah ungkulaneun sugri urang Sunda. Atuh kantenan kedah aya riungan anu medar sareng nembrakkeun masalah, enggoning mikawanoh masalah naon anu saleresna dipayunan ku urang sadaya, hususna masalah anu aya rambat kamaléna sareng seni, budaya, katut basa Sunda. Upami urang sadaya parantos sapanyawangan kana jentulna masalah, nembé urang barembug deui, kedah kumaha ngungkulanana. Anu gaduh kawajiban pikeun milarian tarékah masalah téa, teu aya deui iwal ti tilu pihak, nya éta paraseniman sareng organisasina, pamaréntah, sareng masarakat. Ku émutan, ieu riunagn ogé parantos pepek sadaya wakilna.
Salajengna, naon anu jadi udagan sim kuring saparantos pamaksadan tadi diuningakeun, teu aya sanés, nya éta ayana pandangan sareng sikep anyar kana budaya Sunda, bari sakantenan nangtoskeun léngkah naon baé nu kedah dipilampah ka payunna. Kitu udagan sim kuring téh.
Para sadérék sadaya,
Numutkeun panitén sim kuring, sabagian ageung masarakat urang, kitu deui paragegedén nagara, masih kénéh kagungan anggapan yén seni budaya téh ngan pikeun hiburan, ngan mangrupi produk pikeun ngalelejar manah. Tebih tangéh kana tiasa ngajénan yén seni budaya téh hiji ciri idéntitas bangsa, ajén diri nu baris ngawujudkeun citra bangsa.
Anggapan sabagian ageung masarakat anu sapertos disebat nembé téh ngagambarkeun yén wawasan seni budaya "maranéhna" masih kénéh cupet tur heureut. Hal ieu teu tiasa diantep, urang kedah satékah polah nyingraykeun lalangsé paneuteup anu cupet téa.
Kanggo conto kumaha hasilna seni budaya anu tadina ukur jadi miliki hiji bangsa, nanging ahirna janten banda seni budaya dunya, contona karya seni Léonardo da Vinci, Van Goh, Rembrant, Picasso, Mozart, Beethoven, sareng seueur-seueur deui.
Sapanjang seni budaya mung ukur dianggap barang kanggo hiburan, seni budaya Sunda moal pinanggih sareng komara ajénna. Ku kituna pandangan sareng anggapan anu teu merenah téh kedah ditarékahan sina robih.
Upami dititénan kaayaan seni budaya Sunda ayeuna, aya anu nimbulkeun kareueus, matak ageung manah. Nanging aya deui anu matak pikasalempangeun, boa-boa baris muguran nu antukna mung kantun ngaran. Seni budaya nu matak janten bingah téh tiasa tumuwuh ku karancagéan senimanna, upamina waé jaipong, anu parantos ngalanglang dunya, seni karawitan anu dijejeran ku sadérék Nano, wayang golék anu ditaratas ku sadérék Asép Sunandar, gotong singa, rampak kendang, sareng sajabina. Dupi anu pikamelangeun, tétéla langkung seueur deui, nya éta kasenian tradisional anu kiwari katélér-télér, kirang dipiroséa.
Parasadérék anu dpihormat,
Paraseniman, budayawan, sareng masarakat urang ayeuna saleresna nuju aya di tengah-tengah adu hareupanana sababaraha kakiatan, upamina waé
TRADISI X MODÉREN
PROFÉSIONALISME X AMATIRAN
HUKUM ALAM: NU KUAT NGAGILES NU HÉNGKÉR
sareng sajabina.
Mayunan kaayaan sapertos kieu, urang teu tiasa cileureun, cicingeun. Hal ieu anu janten masalah urang kiwari téh.
Sateuacan sim kuring mungkas pisanggem, aya anu hoyong didugikeun heula ka sdayana, ieu riungan Lawung Budaya téh sanés kanggo madungdengkeun béntenna pamendak, sanés kanggo ngadu arguméntasi, nanging kanggo nembrakkeun rupi-rupi masalah nu aya rambat kamaléna sareng seni budaya katut basa Sunda. Anu dipiharep ti parasadérék teu aya sanés kersa sasarengan ngawincik nu janten masalah urang téa, lajeng kumaha cara ngungkulanana, sareng urang nyobi-nyobi bari prak ngagarapna.
Urang wujudkeun silihasih, silihasuh, sareng silihasah, tegesna: silihasih ku rasa mimitran anu wening, silihasuh ngajénan sasama numutkeun profésina, silihasah padanambihan katerang.
Mung sakitu anu dipisanggem.
Wabillahitaufik wal hidayah,
Wassalamu 'alaikum warohmatullohi wabarokatuh.

Catetan: Ieu biantara didugikeun ku Acil Bimbo,
dina riuangan Lawung Budaya Bogor, 11 Oktober 1987.
Sumber: Drs. Tatang Sumarsono. 2006. Biantara Basa Sunda.

Bandung: CV Geger Sunten.

(http://sundagasik.blogspot.com/2010/01/biantara-bubuka-dina-acara-lawung.html)